Selasa, 15 Juni 2010


Bandung, 05 Juni 2010
Kahatur ;
Kang CEPOT
di
Parang Tumaritis

Assalamu’alaikum Wr. Wb
Sampurasun…....
Kang, kumaha damang? Ari kang Dawala jeung si Gareng kumaha damang? Uwa semar sareng uwa istri kumaha ayeuna, daramang kang? Alhamdulillah ari daramang sadayana mah.

Lain Kang, Kuring mah teu kuat hoyong seuri ngupingkeun banyolan akang dina lalakon “Cepot Rarabi” kamari wengi. Kuring teu sirikna seuri gugulitikan nepi ka nyeuri kulit taeun……. (kulit beuteung) maksad teh.

Ari ceuk kuring mah Akang teh wayang nu pang gede-gedena milik sa-Parang Tumaritis. Naon pangna? Sabab akang meunangkeun pamajikan nu sakitu geulisna, DEWI WIRGININGSIH nu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, lucu taya bandinganana, jaba Putri Raja. Coba akang, beungeut beureum ciga tomat buruk, irung pegek ciga empek-empek kageleng, huntu we nyenghol siga kelenci rabies.

Tapi nyaan nya Kang, Teng maruteng, anak merak kukuncungan, uyah tara tees kaluhur. Dasar geus milikna akang ka Dewi Wirginingsih, sanajan aya rupa-rupa halangan ge, teu burung we ngajadi. Bari panggih ukur liwat impian, tapi ari keyeng neangan tur ngusahakeun na mah, akang ahirna jadi oge ka Dewi Wirginingsih, sanajan akang kungsi di usir ku Uwa Semar sabab ceuk Uwa Semar mah ieu teh mangrupakeun hiji pamohalan.

Padahal Uwa Semar oge baheula kajadiana persis ciga akang. Uwa Semar pendak jeung Dewi Nila Ningrum ngaliwatan impian. Jeung uwa Semar oge baheulana mah jalma nu heureut pakeut puncak bahan, lieuk euwueh ragap taya, usaha koreh-koreh cok . Tapi ari geus jodo na ka Dewi Nila Ningrum mah, teu weleh we ngajadi. Sabab naon? Takdir teu bisa di pungkir, kadar teu beunang di singlar, ku kawasana nu maha kawasa, Kun Fayakun!!! jadi maka ngajadi!!!

Kang, ari ka kolot teh tong sok belegug kitu. Maenya ka uwa Semar nyebutkeun “maneh”. Pan ceuk paribasa urang ge “buruk-buruk papan jati, hade goreng oge dulur sorangan”, nya ge uwa Semar rupa kitu tapi da tetep kolot akang, kolot urang sarerea. Jeung deuih, ngaran uwa Semar teh Semar Badranaya, lain Semar Bandarnangka!!! Ah akang mah, aya-aya wae.

Kang, sakitu we heula serat ti kuring dina wanci kiwari. Tawakup nu kasuhun hapunten anu di teda. Kuring permios sanes teu sono, pamitan sanes bosenan, Insya Allah sanes waktos disambung deui. Ieu surat ti kuring di pungkas wae ku kembang tinetik sibaran sari, tutup lawang sigotaka.
Wassalamu’alaikum wr.wb



Kuring,
nu mika deudeuh kasenian Wayang,



Sopian Nurzaman